Ki DR Dharmasetiawan Natapradja M Sc TUTURUS YAYASAN

  • Slides: 28
Download presentation
 Ki DR Dharmasetiawan Natapradja, M. Sc. TUTURUS YAYASAN SAWALA KANDAGA KALANG SUNDA (SKKS)

Ki DR Dharmasetiawan Natapradja, M. Sc. TUTURUS YAYASAN SAWALA KANDAGA KALANG SUNDA (SKKS)

 Ngabahas: WANGSIT SILIWANGI

Ngabahas: WANGSIT SILIWANGI

PATAROSAN: 1. SILIWANGI 2. IRAHA anu mana? diwangsitkeunana? 3. Saha anu nampina? 4. Mana

PATAROSAN: 1. SILIWANGI 2. IRAHA anu mana? diwangsitkeunana? 3. Saha anu nampina? 4. Mana Naskah Aslina? 5. Basa Sunda nu unina kumaha zaman harita?

Conto Basa Sunda Kuna: 1) AMANAT GALUNGGUNG - Abad ke 15 (1500+) (Koropak 632

Conto Basa Sunda Kuna: 1) AMANAT GALUNGGUNG - Abad ke 15 (1500+) (Koropak 632 – Kabuyutan Ciburuy) "Hana nguni hana mangké, tan hana nguni tan hana mangké. Aya ma beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna. Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna aya tu catangna". nu hartina, "Aya baréto aya jaga, lamun teu aya baréto moal aya jaga. Aya baheula ayeuna, lamun teu aya baheula moal aya ayeuna. Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan. Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna".

Conto ka 2: Siksa Kanda Ng Karesian tahun 1518 M, aksara Sunda kuno. Ini

Conto ka 2: Siksa Kanda Ng Karesian tahun 1518 M, aksara Sunda kuno. Ini kawuwusan siksakandang karesian ngaranya, ja na pustakanipun sang ngareungeu pun. Mula nibakeun sastra duk ing teja (di)wasa, huwus ing wulan katiga pun. Ini babar ing pustakanipun: nora catur sagara wulan. (Demikianlah yang dikatakan siksakandang karesian, semoga menjadi sumber pengetahuan bagi yang mendengarkan. Mulai menulis naskah waktu hari bersinar cerah. Selesai dalam bulan katiga, Ini (tahun) selesainya pustaka: nora (0) catur (4) sagara (4) wulan (M) = 1440 Saka (1518 M). ).

NASKAH “WANGSIT SILIWANGI” ”Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna,

NASKAH “WANGSIT SILIWANGI” ”Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula. ” —————— ”Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé lakulampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang.

Tina hasil sawala tadi tiasa dicindekkeun kieu: WANGSIT SILIWANGI SANÉS YASA PRABU SILIWANGI (Prabu

Tina hasil sawala tadi tiasa dicindekkeun kieu: WANGSIT SILIWANGI SANÉS YASA PRABU SILIWANGI (Prabu Suryakancana) Atanapi WANGSIT SILIWANGI anu dipikawanoh ku umumna balaréa Sunda dadamelan jalmi ayeuna. Saha atuh nu nganggitna, ? Iraha dianggitna? Di mana mimitina digelarkeun di masyarakat Sunda?

SAHA NU NGANGGITNA? Drs. H. Wahyu Wibisana Sastrawan Sunda

SAHA NU NGANGGITNA? Drs. H. Wahyu Wibisana Sastrawan Sunda

Wahyu Wibisana (Tasikmalaya, 19 Januari 1935 - Bandung, 13 Oktober 2014), panyajak Sunda, panulis

Wahyu Wibisana (Tasikmalaya, 19 Januari 1935 - Bandung, 13 Oktober 2014), panyajak Sunda, panulis skenario ngarangkep Sutradara. Nyuprih atikan di SR, OVVO (1950), Sakola Guru B (1952), KGA (1952), sarta cacap meunang gelar sarjana di IKIP Bandung (ayeuna UPI) taun 1981. Kalintang réa karyana dina wangun puisi anu saterusna disanggi ku Mang Koko (alm) jadi kawih abadi, saperti “Bulan Bandung Panineungan”, “Kembang Tanjung Panineungan”, “Reumis Beureum dina Eurih”, “Samoja”, jsté. Sajaba ti jadi sastrawan, Wahyu kungsi ogé jadi guru, jurnalis, aktivis di sababaraha organisasi kasundaan. Anjeunna ogé salah sahiji panaratas Majalah Manglé di Bogor. Karya-karyana Dua Utusan (1956) Wangsit Siliwangi (1964) Tonggérét Banén (1967) Mundinglaya di Kusumah (1975) Geber-Geber Hihid Aing (1976), Tukang Asahan (1978), Urang Naon di Cinaon (Kumpulan Sajak-1992) Riring-Riring Ciawaking (Kumpulan Dangding, 1999) Anaking Jimat Awaking (Kumpulan Prosa Lirik, 2002) Jrrd……………….

WANGSIT SILIWANGI KARYA WAHYU WIBISANA KUNGSI DIGELARKEUN DINA ACARA ngadegna ANGKATAN MUDA SILIWANGI (AMS)

WANGSIT SILIWANGI KARYA WAHYU WIBISANA KUNGSI DIGELARKEUN DINA ACARA ngadegna ANGKATAN MUDA SILIWANGI (AMS) Di Gedong Merdeka BANDUNG - November 1966

“ Nepika kiwari euweuh hiji pihak ogé anu bisa ngabuktikeun yén Wangsit Siliwangi téh

“ Nepika kiwari euweuh hiji pihak ogé anu bisa ngabuktikeun yén Wangsit Siliwangi téh sajarah. Mungguh béda jeung Pararaton misalna, nu jelas jujutanana ditulis ku Mpu Prapanca. ”

Anapon Wangsit Siliwangi ngan ukur nyoko ka ngaran Wahyu Wibisana, tidinya kaditu mah teu

Anapon Wangsit Siliwangi ngan ukur nyoko ka ngaran Wahyu Wibisana, tidinya kaditu mah teu kapaluruh kumaha kronologisna nepika Wahyu Wibisana bisa nulis Wangsit Siliwangi. Lamun téa mah aya nu ngait-ngaitkeun jeung pantun Bogor, atuh kudu kabuka heula saha sajatina ari Ki Buyut Baju Rambéng? Salila acan kabuka, leuwih hade narima kana sengkeran yén Wangsit Siliwangi mah ukur karangan Wahyu Wibisana. Karangan anu sacara kualitas mémang punjul. Sawatara pihak pasti aya nu ngarasa beurat lamun digugat nepika dieu, sababna mah jelas yén Wangsit Siliwangi téh dijieun kokojo pikeun cumarita ka pihak anu gampang teuleum kana dongéng. Tujuanana sangkan timbul “rasa kagum” nu rohaka kana kamampuhan Sinuhun Siliwangi enggoning nganjang ka pagéto. Dina hal ieu, pihak-pihak nu ngarasa beurat tadi, saolah-olah ngarasa geus teu boga nanaon anu kudu dijagragkeun saupama lain dongéng ngeunaan Wangsit Siliwangi tadi. Sok padahal masih loba hal-hal nu leuwih ilmiah enggoning ngawartakeun kaagungan Sunda Bihari.

Ngaprésiasi Hiji Karya Sastra: * saheulaanan mah urang nyokot aman waé, * nempatkeun Wangsit

Ngaprésiasi Hiji Karya Sastra: * saheulaanan mah urang nyokot aman waé, * nempatkeun Wangsit Siliwangi murni sabagé hiji karangan atawa karya sastra nu punjul, yasana Wahyu Wibisana suwargi. * Nyutat tina Wangsit Siliwangi yasa Wahyu Wibisana unina kieu : Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngoréhan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Ngirong kana kalimah-kalimah di luhur, saha anu disebut budak angon téh?

BUDAK ANGON 1. Kaom panalungtik sajarah, 2. Kaom arkeolog 3. Kaom wartawan 4. Kaom

BUDAK ANGON 1. Kaom panalungtik sajarah, 2. Kaom arkeolog 3. Kaom wartawan 4. Kaom budayawan 5. Kaom pamuka adat Kaom-kaom kasebut mémang kacida disengkerna nalika jaman Orde Baru, utamana naon anu disebut kebebasan pers. Jadi pers teu bisa sagawayah mublikasikeun hiji tulisan sok sanajan mangrupa ladang panalungtikan sajarawan. Nepika deui geus kagambar ku urang yén Wahyu Wibisana mah lain nyaritakeun nu bakal kajadian tapi nyaritakeun nu keur kajadian dina mangsa Orde baru harita.

Saterusna Wahyu Wibisana ogé nyabit ngeunaan : BUDAK JANGGOTAN Atuh moal jauh éta mah

Saterusna Wahyu Wibisana ogé nyabit ngeunaan : BUDAK JANGGOTAN Atuh moal jauh éta mah ti para ulama pajoang. Utamana dina jaman orde baru loba ulama pajoang nu dipenjara. Nepika kiwari janggot téh mangrupa salah sahiji cicirén kaom spiritualis, misalna para ulama Islam jeung para resi Hindu. Samalah sarua, para rahib Yahudi gé jaranggotan kalawan leubeut patepung jeung kumis-kumisna. Saeutik bédana jeung ulama Islam nyaéta para ulama mah teu ngukut kumis, tapi sawates janggot. Ngeunaan janggot mah lumpatna kana strategi rasulullah baheula, pikeun ngabédakeun antara kabiasaan kaom muslimin jeung kaom yahudi.

Ku jaman kiwari mah tangtu geus teu relevan deui. Ngudag kana guaran di luhur

Ku jaman kiwari mah tangtu geus teu relevan deui. Ngudag kana guaran di luhur ngeunaan saha ari budak angon jeung budak janggotan, atuh naha teu leuwih hadé saupama ki Sunda Kiwari nyusun wangsitna sorangan dumasar kana kaayaan nu kiwari karandapan? Geus wancina ki Sunda nyieun sajarah pikeun ayeuna kahareup, batan terus nguyek ngungurus wangsit nu saéstuna ukur karangan.

Budak angon jeung budak janggotan mah lain tungguaneun, teu kitu kumaha da nepika kiwari

Budak angon jeung budak janggotan mah lain tungguaneun, teu kitu kumaha da nepika kiwari gé arinyana mah aya, sagulung sagalang jeung urang dina hirup kumbuh. * Teu kudu ngadagoan budak angon, sok komo disangkutpautkeun jeung satria piningit mah. * Teu kudu ngadagoan budak angon, anggur sih urang tepungan arinyana pikeun gawé bareng. * Teu kudu ngadagoan budak angon sabab bisa waé sacara teu sadar urang gé kaasup budak angon nu ngangon kalakay jeung tutunggul.

Ayeuna urang ngabahas: RATU ADIL

Ayeuna urang ngabahas: RATU ADIL

PANGARTIAN UMUM • Ratu Adil (Satria Piningit) -> mitologi -> bakal datang hiji pamingpin

PANGARTIAN UMUM • Ratu Adil (Satria Piningit) -> mitologi -> bakal datang hiji pamingpin -> jadi juru salamet. • Bakal mawa kaadilan sarta kasejahteraan. • Katelah ogé "Erucokro". • • Ramalan datangna Ratu Adil asalna ti Prabu Jayabaya. Tanda tanda kadatangan Ratu Adil: ayana kakacowan sosial, malapetaka alam, léngsérna Raja Rongkah nu dipikagimir; Pameréntahan nu ngaganti raja nu dipikagimir henteu lana.

HARTI KECAP Kecap RATU -> basa Hindi Kecap ADIL - > basa Arab. Dina

HARTI KECAP Kecap RATU -> basa Hindi Kecap ADIL - > basa Arab. Dina ieu guaran, dua kecap kasebut leuwih nyantika saupama diguar heula hartina dumasar kana basa asal.

RAT U Dumasar kana basa Hindi : 1. Pamajikan raja, teu mandang naha garwa

RAT U Dumasar kana basa Hindi : 1. Pamajikan raja, teu mandang naha garwa utama atawa garwa selir. 2. Wanoja anu jadi pamingpin saundakan raja, atawa gampangna mah ratu téh raja awéwéna. Patanda agama boh budaya nempatkeun wanoja di posisi anu luhur, salah-sahijina ku cara méré ngaran atawa istilah. Dina Al Qur'an aya An-Nisa tapi euweuh Ar-Rijal. Dina bahasa Indonesia -> ibu kota tapi euweuh bapak kota. Di Nuswantara -> wangunan anu disebut karaton tapi euweuh wangunan Karajan Nu jadi kacida sakralna téh sebutan RATU ADIL lain raja adil misalna. Sok padahal sapanjang sajarah dunya ngadeg, jumlah raja jauh leuwih loba batan ratu dina harti raja awéwéna.

ADIL Di masarakat urang: kecap ADIIL -> dinisbatkeun kana jumlah paméré. Harti anu leuwih

ADIL Di masarakat urang: kecap ADIIL -> dinisbatkeun kana jumlah paméré. Harti anu leuwih jembar mah adil téh nyaéta : NGADEGKEUN – NANJEURKEUN HUKUM TANPA PILIH KASIH: teu cueut kanu hideung ponténg kanu konéng.

RATU ADIL: Pamingpin nagri, boh wanoja atawa lalaki, anu sanggup NANJEURKEUN HUKUM sakumaha kuduna

RATU ADIL: Pamingpin nagri, boh wanoja atawa lalaki, anu sanggup NANJEURKEUN HUKUM sakumaha kuduna TANPA PILIH KASIH: TEU CUEUT KANU HIDEUNG TEU PONTÉNG KANU KONÉNG.

Cindek di dieu: RATU ADIL aya : * ti jaman ka jaman, ti waktu

Cindek di dieu: RATU ADIL aya : * ti jaman ka jaman, ti waktu ka waktu. • jumlahna teu loba di sakuliah dunya. Salah-sahiji ciri ngadegna ratu adil di hiji nagri nyaéta lamun: • angka korupsi saeutik dibanding jumlah warga di éta nagri

PAMINGPIN Dumasar kana kersa-NA Allah, aya dua jinis pamingpin nyaéta : 1. Pamingpin anu

PAMINGPIN Dumasar kana kersa-NA Allah, aya dua jinis pamingpin nyaéta : 1. Pamingpin anu diturunkeun ti langit, 2. Pamingpin anu diangkat ti bumi.

PAMINGPIN TI LANGIT PARA RASUL * Diturunkeun ti langit, * euweuh pisan campur tangan

PAMINGPIN TI LANGIT PARA RASUL * Diturunkeun ti langit, * euweuh pisan campur tangan manusa. * Éstu sagalana mutlak karsa manten-NA. * Kapamingpinan para rasul SUCI TINA CODÉKA

PAMINGPIN TI BUMI • Diangkat ti bumi gé tetep karsa-NA Allah, ngaliwatan karsana manusa.

PAMINGPIN TI BUMI • Diangkat ti bumi gé tetep karsa-NA Allah, ngaliwatan karsana manusa. Kukituna pamingpin jinis ieu mah hamo bisa mapakan para rasul. * Kacida pisan gumantung kana kaayaan mayoritas masyarakat. • * Saupama masyarakatna beuki kana korupsi misalna, mangka anu bakal kapilih ogè nya pamingpin nu korup.

KU SABAB PARA RASUL MAH HAMO BAKAL DITURUNKEUN DEUI, MANGKA KIWARI HAREPAN LAHIRNA RATU

KU SABAB PARA RASUL MAH HAMO BAKAL DITURUNKEUN DEUI, MANGKA KIWARI HAREPAN LAHIRNA RATU ADIL TINGGAL KA PAMINGPIN ANU DIANGKAT TI BUMI. SAHENTEUNA NEPI KA ALLAH NAKDIRKEUN HIJI PANGAJABAAN.