NGARUMAT BARANG PUSAKA N G E B A
NGARUMAT BARANG PUSAKA N G E B A K E U N DESA LEBAKWANGI KECAMATAN ARJASARI KABUPATEN BANDUNG JAWA-BARAT
NGARUMAT BARANG PUSAKA ( NGEBAKEUN) DI SITUS BUMI ALIT KABUYUTAN
BUBUKA Assalamu `alaikum Wr. Wb Sampurasun Sugrining puji anu sampurna miwah pangalem anu sagemblengna eta tetep kagungan Allah SWT, Dzat murbawisesa nu ngauaban sagala perkara di bumi sareng di langit sareng anu aya dintara bumi sareng langit. Shalawat sinarengan salam mugia salawasna dileler langgengkeun ka panutan alam kangjeng Nabi anu mulya Syayidina Muhammad SAW, pon kitu sadaya para shabatna para tabi`in sareng tabi`in tug dugi kasadaya ummatna. Desa Lebakwangi sareng Batukarut anu aya diwewengkon Kecamatan Arjasari Kabupaten Bandung Provinsi Jawa Barat mangrupikeun salah sawios Desa anu mibanda kaluhungan ajen budaya Sunda kalayan masih dimumule kusakumna masyarakat Desa sareng Pamarentahanana. Diantawis ajen budaya anu masih dimulule nyaeta : NGARUMAT BARANG PUSAKA , anu parantos biasa dilaksanakeun dina unggal ping 12 mulud satiap tauna di BUMI ALIT KABUYUTAN, nyaeta wangunan RUMAH ADAT SUNDA anu aya di tapel wates Desa Lebakwangi sareng Batukarut.
Dupi eusining sareng tatacara ngarumat barang pusaka dipingpin ku para pinisepuh anu kawengku lembaga adat anu disebat SASAKA WARUGA PUSAKA. Ngarumat Barang Pusaka atanapi istilah di Lebakwangi-Batukarut disebat NGEBAKEUN nyaeta Praktek ngaberesihan (ngumbah) Barangbarang Pusaka pakantun Para luluhur karuhun Sunda di Lebakwangi-Batukarut, anu mangrupi : 1. Rupaning Gagaman sareng Barang Pusaka sapertos Keris, Gobang, Kujang, Badik, Tumbak, Sumbul; 2. Rupaning parabot kasenian (Gamelan Kabuyutan anu disebat Gamelan Mbah Bandong).
Sajarah Singget dilaksanakeunana Ngarumat Barang Pusaka di Lebakwangi. Batukarut. Bumi Alit Kabuyutan nyalira mangrupikeun wangunan anu diadegkeun ku ku salah sawios karuhun Lebakwangi. Batukarut dina kirang langkung abad ka 9 M, anu wastana Mbah Panggungjayadikusumah anu disarengan ku 4 kepetengan sanesna nyaeta Mbah Lurah Sutandikusumah, Mbah Wiradikusumah, Mbah Patradikusumah miwah Mbah Aji Kalangsumitra.
Maksud sareng Tujuan • Mupusti Barang Pusaka tininggal para karuhun sangkan lastari dugi ka turunan (seuweu/siwi) • Sangkan tetep langgeng dina ajen budaya ciri khas Desa Lebakwangi-Batukarut , nu dipalar taya sanes ulah dugika JATI KASILIH KUJUNTI.
Siloka dina Ngarumat Barang Pusaka : • Tasyakur kana Ni`mat anu dipaparinkeun ku • • • Pangeran. Silaturahmi ngaraketkeun duduluran antara batur salembur baraya sadesa Ngariung mungpulung antara seuweu / siwi Lebakwangi – Batukarut Ngaberesihan barang pusaka dipapandekeun jeung Ngaberesihkeunana Badan sakujur Ngaberesihan ucap tekad jeung lampah. Mieling kana jasa-jasa para luluhur anu geus ngawaris pirang-pirang ajen budaya.
Prakprakan ngarumat Barang Pusaka : Sasadiaan mangrupi sasajen, sareng Tuangeun/ Leueuteun diantawisna : – – – – – Rampe (daun Pandan, Kembang Warna 7, Candana) Tiwu Honje Jeruk Nipis Kapas Kaen kafan (Boeh) Minyak Air Mata Duyung Duwegan Kalapa Hejo Endog Hayam Kampung Cau Kapas Bako Tampang Sesepeun ( Surutu, Roko tina Daun Kawung, Roko kretek) Gula Batu Puncak Manik Cau Emas Cai Kopi Pait Cai Kopi Amis Rakocak Bubur Beureum Bubur Bodas
– – – – – Bangkerok Ketan Bebetian 7 rupa ( Sampeu, Ganyong, Suuk, Hui Boled, Sagu, Kacang Tanah) Bubuahan 7 rupa ( Cau Raja, Apel, Jeruk, Salak, Samangka, Pier, Anggur, Rambutan) Enten Kalapa Bajigur Kueh Jajan Pasar ( kueh tyambang, Kueh Semprong, Bakakak Hayam Jago Bentengok Pais Teri Pais Peda Beureum Kun Kueh Surabi Papais Tipung Cai Ti Tujuh sumur Samak Pandan Cai Beas beureum Cai ti Tujuh Sumur Tumpeng Congcot
Tata tertib dina Ngarumat Barang Pusaka (NGEBAKEUN) • • Anggoan anu seja ngarumat barang pusaka ditangtoskeun, warna anu sing sarua bodas Tatakrama dina ngarumat barang pusaka, kedah pinuh rasa khidmat, ajrih dibarengan ku Rasa Handap Asor Depe depe.
A. NGARUMAT BARANG PUSAKA DIBAGI JADI 2 ROMBONGAN : Ø Ø Ø Ø Ø Rombongan anu ka hiji, nyaeta nu ngarumat barang pusak anu aya di lebet Situs Bumi adat Kabuyutan Wanci ngarumat barang Pusaka nu di lebet Situs Bumi Adat Kabuyutan nyaeta ti wit Tabuh 07, 00 wib dugika rengse. Rombongan nu seja ngarumat teras kalebet bumi alit, diluluguan ku juru konci, kalawan parantos kengeng pancen sewangan, Salah saurang patugas ngalungsurkeun sadaya barang Pusaka, ti lebet Goah, nu ditampi ku patugas sanes. Saparantos sadayana lungsur, eta barang pusaka dibuka, lajeng diwasuh , ku 3 rupi cai, ti wit cai tiwu , cai Honje, lajeng cai jeruk mipis, Salajengna, di elap nganggo Kapas atanapi lawon bodas, Pamungkas eta barang pusaka teh di bungkus deui ku lawon , bodas, saperti mimiti, disimpen ditempat anusamistina deui. Keur ngalengkepan eta kagiatan diayakeun acara ngadu’a babarengan, kalawan anu di aos na oge du’a Mulud. Cai tilas ngawasuh Barang Pusaka Nu aya dilebet Situs Bumi Alit Kabuyutan, saterasna dianggo ngawasuh Pusaka Goong Renteng Embah Bandong.
B. ROMBONGAN KADUA, NYAETA NU NGARUMAT BARANG PUSAKA GOONG RENTENG EMBAH BANDONG. Ø Parantos hiji katangtosan Wanci ngarumat Ø barang pusaka goong renteng Mbah Bandong, dilaksanakeun, satutasna acara ngarumat di lebet bumi, margi cai tilas ti lebet di anggo kanggo diluar. Pusaka anu ngawitan diwasuh nyaeta, pusaka goong anu pang ageung na, teras nungturun.
PAMUNGKAS Sakitu nu kapihatur guaran ti simkuring saparakanca ngeunaan Ngarumat Barang Pusaka anu biasa dilaksanakeun di wewengkon Desa Lebakwangi sareng Batukarut. Utami kasaya para sesepuh / inohong budaya sunda anu sami hadir simkuring saterasna nyuhunkeun pawulang, pangdeudeul oge pangrojong kanggo lastari sareng kamajengan budaya di Desa Lebakwangi khususna umumna kanggo kamajengan kalastarian Budaya Sunda. Putus langkung kepang halang bobor sapanon carang sapakan hapunten anu kasuhun. Neda agung cukup lumur jembar hapunten anu diteda boh bilih seueur kakirangan kaalpaan dina basa, tata titi duduga peryoga enggoning ngadugikeun ieu pedaran. Billahit taufiq wal hidayah Ma`fum minkum Wassalamu `alaikum Warohmatullohi wabarokatuh. Sampurasun ….
H A T U R N U H U N
- Slides: 14