MIKAWANOH SISINDIRAN JEUNG GAYA BASA Rezza Nurhaliza S

MIKAWANOH SISINDIRAN JEUNG GAYA BASA Rezza Nurhaliza, S. Sos Pangajaran Basa Sunda kelas VIII

SISINDIRAN Sisindiran mangrupakeun salah sahiji karya sastra Sunda anu geus dipikawanoh ti awal abad ka-16. Sisindiran teh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan anu dibalibirkeun, henteu togmol.

Upama ditilik tina wangun jeung cara ngebrehkeunana, sisindiran teh dibagi jadi tilu golongan, nyaeta paparikan, rarakitan, jeung wawangsalan. Paparikan asalna tina kecap parik saharti jeung kecap parek anu hartina dekeut. Paparikan diwangun ku cangkang/sampiran jeung eusi, anu padekeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. a.

Conto paparikan : Ka Cibadak mawa bola Bola na tara dielap Mun rek indit ka sakola Tong poho kudu sasarap Dumasar eusina, paparikan diwincik deui jadi tilu, nyaeta paparikan silihasih, piwuruk/nasihat atawa pepeling, jeung sesebred atawa banyol.

Conto : Paparikan piwuruk Ka kulah nyiar kapiting Ngocok lobak bobodasna Ulah sok liar ti peuting Osok loba gogodana Paparikan Silihasih Meuncit meri dina rakit Boboko wadah bakatul Lain nyeri ku panyakit Kabogoh direbut batur Paparikan sesebred Daun hiris dibeungkeutan Dibawaka juru leuit Anu geulis ngadeukeutan Hayangeun dibere duit

Rarakitan asalna tina kecap rakit nu hartina sapasang. Rarakitan hartina sapasang. Maksduna upama kecap mimiti (sakecap atawa dua kecap ) dina padalisan cangkang dipake deui atawa dibalikeun deui dina padalisan eusi. Dumasar eusina, rarakitan oge dibagi piwuruk, jeung rarakitan sesebred. jadi tilu, nyaeta : rarakitan silihasih, rarakitan Conto : Rarakitan piwuruk Sing getol nginum jajamu Nu guna nguatkeun urat Sing getol nenangan ilmu Nu guna dunya aherat Rarakitan silihasih Lamun hayang nyieun pager Kudu daek mawa paku Lamun hayang jadi pinter Kudu daek maca buku Rarakitan sesebred Aya listrik di masigit Hanjakal lamppuna goreng Aya istri jangkung alit Hanjakal huntuna koneng

Wawangsalan Istilah wawangsalan asalna tina basa Jawa, nyaeta wangsalan (Kalimah tebakan). Wawangsalan nyaeta karangan anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Wawangsalan teh diwangun ku dua padalisan. Padalisan kahiji disebut cangkang, padalisan kadua disebut eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan, nyaeta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan teh ngeunaan silihasih. Conto : Kendang gede pakauman Dangdingdung rasaning ati (Wangsalna bedug) Beas ditutuan deui Iraha atuh patepung (wangsalna : tipung)

Mikaweruh Gaya Basa Ngupamakeun (simile) Tengetan conto sisindiran di handap Dina jero tas aya simbut Simbut kayas ti cimangkok Di kelas mani raribut Ribut kawas jogjog mondok Conto Sisisndiran di luhur ngagunakeun kalimat nu mangrupa babandinga. Kelas anu ribut disaruakeun jeung jogjog mondok. Ungkara basa saperti kitu disebut gaya basa ngupamakeun atawa simile. Saumpama dijentrekeun, gaya basa simile (majas perbandingan) nyaeta ungkara basa anu ngabandingkeun atawa ngupamakeun barang anu geus disebut samemehna jeung barang deui. Kecap-kecap anu sok digunakeunana di antarana : cara, kawas, saperti, ibarat, jeung kadya.

HATUR NUHUN
- Slides: 9